Positip Négatipna Hapé

    Dina kahirupan ayeuna jalma teu bisa leupas tina médua éléktronik, sabab parobahan globalisasi nungtut jalma sangkan bisa ngigelan jaman katut parobahan dina kahirupan. salahsahiji handphone (HP) anu geus ngaranjing dina kahirupan kiwari. Telepon seluler (ponsel) atawa leuwih dipikawanoh ku rumaja nya éta  handphone (HP), mangrupa alat komunikasi jaman ayeuna anu mangrupa transmisi gelombang radio aktip.

    Mimiti ayana HP teu bisa leupas tina gaya hirup manusa. Hp teu bisa dipisahkeun tina simbol status sosial jeung ékonomi. Kalangan rumaja ayeuna lamun hayang disebut jalma gaul ulah maké HP monophonic jeung walkmanHandphone asalna mah mangrupa barang anu langka, saluyu jeung parobahan jaman, HP geus jadi kabutuhan primer ti mimiti budak leutik nepi ka kolotKiwari fungsi handphone lain ngan saukur alat komunikasi hungkul kusabab HP ayeuna mah geus dieuyeuban ku rupa-rupa media saperti kamera, video, internet, chatting, browsing, download / upload .

       Salian dampak positif maké Hp, teknologi handphone ogé méré dampak negatifTeu bisa disingkahan yén HP di para rumaja geus jadi kabutuhan pikeun nangtukeun gaya hirup jeung status sosial. Nangtukeun gaya, status sosial sangkan dianggap jalma aya (beunghar).

    Loba kajadian-kajadian kriminal anu ngajanggélék dina kahirupan urang, contona sms penipuan, penculikan, sex by phone, aya ogé pendokuméntasian foto/ video anu negatif. Pikeun ngungkulan masalah éta urang salaku masarakat ogé kudu ngilu paduli kana kaayaan ieu urang kudu aktif jadi filter dimasarakat sangkan kaum rumaja teu salah maké téknologi anu aya. 


Komentar