Lain Saanjang-anjangna
Paanjang-anjang jeung balakécrakan sadudulur atawa papasakan éta galibna sawatara urang Sunda dina nyanghareupan bulan puasa anus sok disebut “munggahan”. Najan kiwari mah “budaya munggah” téh geus ampir leungit, tapi di lembur mah munggahan asa geus jadi kawajiban unggal nyanghareupan bulan puasa. Disebut munggah sotéh kulantaran rék mimiti puasa, biasana mungghan di ahir bulan Rewah. Dina enas-enasna mah munggah téh jadi moment silahturahmi kénéh kusabab jalma nu balangsiar ka kota lamun munggah mah sok maksakeun balik, aya anggapan munggah téh acara kumpulna sadudulur dilembur, kitu ogé anu keur néang pangaweruh tangtuna munggahan balik ka kampung. Haté sok bunggah lamun rék nyanghareupan bulan puasa téh da puguh kumpul sadudulur lian ti éta urang bakal papanggih jeung babaturan.
Munggah téh sok diayakeun dua poé, poé ka hiji jeung kulawarga ari poé ka dua jeung babaturan. Tapi acarana mah sarua balakécrakan kénéh. Biasana saencan baralik ka lembur sok silih ngabaran ku cara ngasms ka babaturan nu jarauh tatahar pikeun nangtukeun munggahan rék dimana tempatna. Lamun geus ngarumpul sok ramé teu puguh ti mimiti ngobrol ngalér kidul teu puguh naon anu di obrolkeunana sagala diobrolkeun. Resepna téh lamun jeung babaturan balakécrakan sok dipungkas ku ulin babarengan. Di lembur mah pangulinan téh lamun teu sawah nya alun-alun atawa walungan da puguh di lembur mah can aya Mall. Sanajan ngan saukur popotoan wungkul di éta tempat tapi urang bakal ngarasakeun éndahna babarengan geus asa jadi dulur sagetih, silih simbeuh ku kadeudeuh téh asa matri dina ati komo silih tulung mah geus teu asa-asa. Sanggeus kitu urang saréréa ngabring bari paanjang-anjang ka imah babaturan sakalian marulang balik. Poé ka duna mah munggahan téh jeung dulur sarua balakécrakan tapi ieu mah sok dipungkas ku méré duit atawa ampau. Sanajan teu di amplopan bereum tapi da geus kacapangan yén méré duit dina acara kumpulan sadudulur mah mah éta téh ampau.
Komentar
Posting Komentar